Endog Lini
Ku: Neni Nurachman Caricangkas jeung jangkrik teu nyoara. Waktu geus liwat ti sareureuh kolot. Teu pati simpe teuing peuting ieu. Sakali-kali sora kohkol ngelentrong, ciciren nu ngaronda masih keneh nyaring. Ambu Itok ngaroris panto, tuluy tutulak. Lampu-lampu dipareuman, iwal ti nu nyaangan pipir jeung teras hareup. Ret ka lebah kamar Ujang. Ambu Itok noong tina lawang panto, nu ngahaja teu dirapetkeun nutupna. Sup ka kamar Ujang. Ambu Itok nyimbutan tur ngabebenah budakna nu ngageubra. Lampu di pareuman, diganti ku lampu nu remeng-remeng Terus ka kamar Ade, lowong taya sasaha. Karek inget yen si bungsu ngendong di Uwana. Jetrek, mareuman listrik. Kamar Ade meredong. Ambu Itok bebenah. Wudhu, terus kekeprik kasur, memeh sare. Kamarna satengah poek. Kacaangan ku lampu leutik warna bungur. Gep kana HP, terus ngetik, ngirim WA ka nu jadi salaki. Abah Iding acan mulang, aya gempungan di bale desa. ***** "Ambu! Ambu!" Jandela kamar di ketrok sababaraha kali. Abah Iding ngage