Lengkah Bulan

Ku : Neni Nurachman

Bulan buleud tur nyacas
Matak waas
Harita diburuan
Ulin oray orayan
Peuting kamari
lumpat nuturkeun ka kota kembang
Kiwari ..
lumpat nuturkeun ka tutugan Burangrang
Mabra caang
Ngolepat sajorelat mangsa lawas ngudag kalangkang

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Alhamdulillah, Bukan Umbrella

1001 MAKNA KATA MAAF

Mengapa Namaku Sarbeni?