Postingan

Menampilkan postingan dengan label Itok Tagiwur Neni Nurachman

Itok Tagiwur

Gambar
Oleh: Neni Nurachman Kota Baru Kota Lama (dua terowongan) Wlingi Blitar (Senja di Statsiun Blitar) Lung Agung Kediri Nganjuk (teman di Pragama) Madiun Paron Sragen Solo Balapan (22.34) Yogyakarta (23.24) Kutoarjo (00.29) . . . Eta absenan statsiun. Tadina Itok sieun kapoosan. Kabayang meureun kudu kabawa ka Bandung mah manehna teh. Bisa jadi nambah poe tah nepi ka lembur. Lumampah jauh, naek kareta. Mulang ti Malang, sieung kaliwatan statsiun Tasik. Edas atuh da kacida, maenya geus diitung ti Malang keneh? Abong Itok, dusun tara sasabaan jauh. Basa inditna mah, manehna jongjon. Paling diguyahkeun petugas. Da kandangna nya di Malang, Kota Baru. Kitu cenah ceuk kondektur kareta harita ngabejaan Itok. Kagareuwahkeun sora musik na HP. Horeng panumpang gigireunana akur ngacas hape na. Edas eta ngaheang wae musikna mani tarik. Mimitina lagu religi, aya sholawatan sagala. Terus ngagamreng musik band ceuk barudak ngora mah. Rada lila, sababaraha lagu. Gonjreng teh diteruske...