Itok Tagiwur

Oleh: Neni Nurachman

Kota Baru
Kota Lama
(dua terowongan)
Wlingi
Blitar (Senja di Statsiun Blitar)
Lung Agung
Kediri
Nganjuk (teman di Pragama)
Madiun
Paron
Sragen
Solo Balapan (22.34)
Yogyakarta (23.24)
Kutoarjo (00.29)
.
.
.

Eta absenan statsiun. Tadina Itok sieun kapoosan. Kabayang meureun kudu kabawa ka Bandung mah manehna teh. Bisa jadi nambah poe tah nepi ka lembur.

Lumampah jauh, naek kareta. Mulang ti Malang, sieung kaliwatan statsiun Tasik. Edas atuh da kacida, maenya geus diitung ti Malang keneh? Abong Itok, dusun tara sasabaan jauh. Basa inditna mah, manehna jongjon. Paling diguyahkeun petugas. Da kandangna nya di Malang, Kota Baru. Kitu cenah ceuk kondektur kareta harita ngabejaan Itok.

Kagareuwahkeun sora musik na HP. Horeng panumpang gigireunana akur ngacas hape na. Edas eta ngaheang wae musikna mani tarik. Mimitina lagu religi, aya sholawatan sagala. Terus ngagamreng musik band ceuk barudak ngora mah. Rada lila, sababaraha lagu. Gonjreng teh diteruskeun ku lagu nu sok dipake senam aerobik mun di Gebu. Aduh, sarerea mencrong ka Itok. Batur jigana nyangka manehna nu nyetel eta lagu.

Itok kuram-kireum, era parada. Nu boga hape na mah dikukudung bae, teu regrog. Eureun tah musik senam. Sugan teh rengse tah kaera Itok. Na atuh ngaheang lagu dangdut. Dangdut koplo. Gusti teuing, jigana mah tadina nyetel make head set tatangga Itok teh. Duka poho duka kumaha, keur di cas teu dipareuman jigana.

Rut-ret ka Itok panumpang sabudeureun manehna.

"Piraku kudu ngacungkeun bandera bodas, bari ngagorowok, 'lain kuring anu nyetel!' kitu?" Gerentes hate Itok. Manehna meungpeun carang.

Eta ku tibra si Euceu gigireun. Itok teu pati apal. Duka ti mana naekna si Euceu teh. Eraeun pisan tah Itok. Ibarat kapitnah hitut we, teu beda ti kitu.

Palebah Banjar, eces ceuk penguman pagawe kareta na spiker. Itok rada reuwas.

"Lah geuning geus deukeut?!" Hate Itok noroweco.

Manehna bebenah, tarapti ngampihan barang. Casan jeung hapena. Ngaheang keneh eta hape tatangga Itok. Lagu nu tadi balikan deui.

"Aya untungna oge, hape si Euceu disada tarik. Kumaha lamun kuring bangblas ka Bandung? Alatan tibra teuing sare. Nya keun wae lah era oge, da tereh nepi." Hate Itok ngagalindeng.

Kareta ngalonan. Rek eureun di statsiun Tasik, tujuan Itok. Kuniang manehna  nangtung. Dus jeung rangsel diturunkeun. Gandeuang bari ridu ngagusur koper. Ngaheang keneh tah hape tatangga. Tarik keneh jiga tadi. Nya antukna penumpang lain jigana ngarti. Lain hape Itok anu disada bedas teh.

Jrut turun. Ngadago Abah Iding rek ngajemput.

"Ah, teu nanya heula. Naha ngajemputna teh ayeuna atawa engke tos pawey?Atawa tos upacara Agustusan?" Itok tagiwur.

#SerialItok

Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Endog Lini

Ayo Bernasyiah dengan Riang Gembira

Tetap Bertahan