Itok Ngahanyu
"Duh, eta kopi bet bahe. Cik atuh Abah, ngopi-ngopi wae mani motah." Itok kukulutus.
"Lain motah, Abah gagal fokus. Malaweung mun ceuk urang mah. Eta atuh da, ningali tipi. Barudak ting galujubar. Ngojay na balong nu caina herang, ngagenyas." Ceuk Abah Iding.
"Lain balong Abah. Kolam eta mah kolam. Cing atuh gaul, Bah." Itok memener basa Si Abah.
Panona rarat reret. Neangan barang nu bisa dipake meresihan ci kopi nu bahe.
"Ayu! Ayu, kadieu!" Itok nyelukan adi beuteungna.
Torojol Ayu datang, "Kumaha Ceu?" Pokna teh, ngareret saeutik, da ranggem ku HP di leungeun kenca, pulpen dinu katuhu.
"Aya elap Yu?" Itok tumanya.
"Euhhh." Teu kebat Ayu nempas, kapegat sora Abah Iding nu kacida bedasna.
"AY ELAP YU TU, AMBU ITOK!" Ceuk Abah Iding, sorot matana cenghar.
Itok ngahuleng. Teu ngarti. Komo leungeun katuhuna dikeukeuweuk ku Abah Iding. Bati terus nyarita "AY ELAP YU TU."
Sanggeus leungeuna dilesotkeun Abah Iding, Itok panasaran terus tumanya, "Ari Abah nanaonan eta teh?"
"Har, ari Itok. Teu gaul, kekinian eta teh. Piraku teu apal?" Kuciwa ngahurat na paroman Abah Iding.
Rek teu kitu kumaha? Batur mah hayang dikitukeun teh. Malah nepi ka diaplod kana pesbuk. Bet Itok acan ngartieun? Abah Iding kur gogodeg.
"Coba ieu baca ku Itok." Abah Iding ngasongkeun hape na.
"Cing, Abah. Aya naon atuh?" Itok rikat nampa pangasong salakina.
Terus nalungtik, maca nu aya na layar hape.
"Abang, kalau mobilnya tetangga kita itu apa namanya?"
"Ayla, emang kenapa? Mau beli? Gak punya duit!"
"Ih, nabung lah gak apa-apa, Bang. Eh kalo bahasa Inggrisnya pemandangan itu apa ya Bang?"
"View"
"Kalo disatuin Bang?Mobil tetangga dan bahasa Inggrisnya oemandangan tadi, jadi apa Bang?"
"Aylaview"
"Aylaview too Bang...cup cup"
Itok nyerengeh. Seuri sorangan. Horeng ieu maksudna Abah Iding.
"Abah, watir nya eta ibu-ibu." Ceuk Itok.
"Watir kumaha, Tok?" Ngareret ku juru panon, da Abah Iding anteng nongton tipi.
"Enya eta, bakat ku hayang di 'I love You' an ku salaki na. Mani kudu tatanya heula." Itok ngajentrekeun.
"Untung Itok mah, nya. Abah teu kudi ditanyaan heula. Abahbmah hideng, kadang Itok anu rehe, teu apal nanaon nya Bah?"
"Abah Iding tea, atuh..pikiraneun!" Irung Abah Iding beukah. Bari nepakan dada.
"Nyeta atuh. Moal aya duana sadunya, Abah Iding mah. Salaki Itok anu kacida romantisna." Itok nambahan muji.
Puguh wae atuh. Mun seug taya lalangit. Jigana irung Abah Iding ngapung. Nyeh manehna imut. Bari neuteup ka Itok. Itok ngabales ku imut anu ngirut.
"Komo geura Bah, bari pangepelkeun mah, teras itu seuseuheun geura panggesrukeun, tur Itok pangmeserkeun hape enggal. Beuuuhhh Abah Iding teh, tambih ganteng." Ceul Itok.
"Nyaoooo Itok! Hanas bener diregeokeun, ning goreng tungtung. Loba pamenta."
Itok nahan seuri. Bari nuturkeun Abah Iding. Nu nguniang rek ilubiung pakupis meresan imah sacangkewok. Pedah keur pere gawe.
Komentar
Posting Komentar