Milih Saha?

Ku: Neni Nurachman

Tilu minggu ieu barudak leutik di buruan ngarobrol perkara pamilih. Naha milih Ahok-Jarot atawa milih Anis-Sandi. Rupa-rupa paripolahna teh. Nepika pasea parebut nomer dua jeung tilu. Ade jeung baturna milih nomer tilu. Ujang oge jeung sababaraha baturna milih nomer tilu. Aya oge sawareh barudak milih nomer dua. Adu regeng, persis jiga dina acara tipi, maseakeun nomer.
Parea-rea omong pedah beda kahayang jeung beda pamilih. Nepika hiji waktu si Ade ditanya ku indungna, Ambu Itok.

"Ade, naha ari rerencangan Ade nu namina Uly, lami tara ameng kadieu?" Tanya Ambu Itok .

"Ah bongana milih nomer dua, Mbu." Jawabna teh pondok.

Adu pamikiran nu ditayangkeun dina tipi, nerekab oge di pangulinan. Silih poyok, silih baeudan. Salila tilu mingguan. Komo deui kolot jigana teh. Boa aya nu nepi ka parasea. Nu bobogohan nepi ka putus. Muga-muga teu kakocap anu papirak alatan beda pamilih.

Cunduk tanggal salapan belas april duarebu tujuhwelas. Ade jeung Ujang arindit ka sakolana. Ambu Itok katut Abah Iding, Bapana Ade jeung Ujang, alias salakina Ambu Itok, miang sewang-sewangan ka pagaweanana. Ambu Itok wanci lohor geus tumaninah di imah. Cetrek nyetel tipi. Di upar-oper. Biasana wayah kitu teh waktuna nongton pilem india. Sinarieun poe harita, Ambu Itok neangan acara warta. Terus teu diupar-oper deui. Tangtuna bari ditinggalkeun luas-leos kaditu kadieu. Migawe pagawean maneuh di imahna. Barudakna oge akur, teu menta nyetel pilem karesepna. Ngantep Itok nyetel warta pamilon Jakarta.

Jol Ade, gek diuk gigireun Itok. Kesang luut-leet tos ulin jeung baturna. "Mbu, ari Ambu milih saha?Anis atawa Ahok?" Tanya Ade, anteb neuteuo layar tipi.

"Ade mah milih Anis." Ceuk Ade, neruskeun caritaanana.

"Ah, Ambu mah teu milih sasaha." Bari terus mencrong kana tipi.

"Naha Ambu teu milih?" Ceuk Ade, ngareret ka Ambu Itok. Panasaran ku jawaban indungna.

"Kapan Ambu mah sanes di Jakarta bumina. Di dieu, di Lembur Kuring. Jadi teu kedah milih atuh." Ambu Itok ngajentrekeun ka Ade.

"Oh, kitu, atuh Ade oge moal milih nya? Rerencangan Ade oge moal? sadayana rerencangan  Ade moal?" Mani murudul pananya Ade.

Ambu Itok unggeuk, bari anger anteb leleb mencrong tipi. Leos Ade indit, nepungan babaturanana. Terus nguriling naek sapedah, nepi ka ngariung eta babaturana di buruan.

"Yeuh, naha bet parasea jeung pabaeud-baeud? Hayu ah pacantel. Ceuk Ambu oge, da urang mah moal milih. Da nu milih mah nu bumi na di Jakarta. Yu urang sampeuran deui anu kamari baraeud pedah milih nomer dua." Panjang lebar Ade cumarita ka baturna.

Ambu Itok kur seuri ti jero imah. Samar kareungeu Ade jiga keur biantara. Kokolot begog eta budak teh. Padahal karek kelas tilu SD. Katingali babaturan Ade tinglaleos, Ade ngagoes sapeda mingpin babaturanana. Teu kungsi lila, sobat-sobatna nu geus lila teu katingali ulin, ngabring milu na rombongan Ade. Ngurilingan lembur. Bari garogobjakan.

"Ambu...Ambu..." Ujang jeung Ade ting gorowok, bari kokotetengan neangan indungna.

"Ambu...! dimana atuh?" Can ge nembalan, terus ting gorowok.

"Ieu, Ambu di tambakan balong." Tembal Ambu Itok, tarik.

Jol Ade jeung Ujang daratang nyampeurkeun ka Ambu Itok.
"Ambu, Anis meunang. Jadi Gubernurna teh Anis nya?" Ujang miheulaan Ade. Bari duanana ajrag-ajragan.

"Nya moal atuh, tetep we Gubernur mah Pak Ahmad Heriyawan." Ceuk Ambu Itok, bari lung ngalungkeun huut ka tengah balong.

"Naha? Kapan anu lomba na ge Ahok sareng Anis, bet janten gubernurna Pak Ahmad Heriyawan?" Ade ngahuleng.

"Kapan urang mah di Jawa Barat, janten anger we Pak Ahmad Heriyawan Gubernurna. Da nu gentos mah urang Jakarta, Gubernur Jakarta." Ambu Itok ngeceskeun ka Ujang jeung Ade.

"Oooohhhh" Tembal maranehanna, bareng.

Lung we ngaralungkeun huut, marantuan Ambu Itok marab lauk. Lauk tikocopok parebut larab. Cai balong jadi semu kiruh. Ambu Itok ngaleos, leumpang nuju ka deukeutvtatangkalan. Gek diuk ngiuhan. Dituturkeun ku Ujang oge Ade. Duanana caringogo tukangeun Ambu Itok.

"Nu gentos gubernur teh di Jakarta. Urang kaci panuju ka nomer dua atanapi nomer tilu. Mung teu tiasa milih. Da sanes urang Jakarta. Komo Ade sareng Ujang mah. Jaba sanes urang Jakarta, jaba teu acan tujuh belas taun. Moal kaci pisan milih gubernur kanggo Jakarta." Ambu Itok ngajentrekeun deui.

Duka ngartieun duka moal. Itok ngan sakadar ngucapkeun naon nu aya na pikiranana. Sakanyaho manehna.
"Ari ngado'akeun mah kaci pisan. Ngado'akeun jang kalancaran jeung kamajuan Jakarta." Itok neruskeun deui.

"Jakarta teh ibu kota Indonesia. Jajantungna nagara. Jadi sarerea mencrong kana pamilon gubernur Jakarta. Sarerea ngado'akeun pikeun kaalusan Jakarta. Teu salah, malah mah kudu apa tur merhatikeun oge. Jang pangaweruh oge, bisi aya dina ulangan di sakola." Bari nanghunjar lamar handapeun tangkal nangkawalanda.

"Jaga mun Ujang jeung Ade geus gede, hoyong teu jadi gubernur?" Tanya Ambu Itok.

Jempling taya nu nembalan. Teu aya sora renghap-renghapna acan. Ret Itok kagigireunana, ka kenca jeung ka katuhu. Parilit malik ka tukang. Teu katembong Ujang jeung Ade.

"Terus ari tadi kuring nyarita ka saha?" Hatena ngagereneng. Ambu Itok terus balik, unggah ka imah. Mencrong deui layar tipi. Tetep manco dina warta pamilon Jakarta.

*Dikirim ke rubrik carpon koran Harian Kabar Priangan.
Entah dimuat atau tidak. Tak terdeteksi.

Komentar

  1. Keren ih... Nyunda pisan. Janten hoyong nyobian nyerat dina basa Sunda oge. Uji nyali, hehe.

    BalasHapus
  2. Serasa flashback jaman SD teh.. pelajaran MuLok Bahasa Sunda 😁.. kerenn 👍 saya mah ga berani bikin cerita dlm sunda, yg ada isinya sunda kasar da abdi mah ti Bogor 😅

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Endog Lini

Ayo Bernasyiah dengan Riang Gembira

Tetap Bertahan