Endog Lini

Ku: Neni Nurachman

Caricangkas jeung jangkrik teu nyoara. Waktu geus liwat ti sareureuh kolot. Teu pati simpe teuing peuting ieu. Sakali-kali sora kohkol ngelentrong, ciciren nu ngaronda masih keneh nyaring. Ambu Itok ngaroris panto, tuluy tutulak. Lampu-lampu dipareuman, iwal ti nu nyaangan pipir jeung teras hareup.

Ret ka lebah kamar Ujang. Ambu Itok noong tina lawang panto, nu ngahaja teu dirapetkeun nutupna. Sup ka kamar Ujang. Ambu Itok nyimbutan tur ngabebenah budakna nu ngageubra. Lampu di pareuman, diganti ku lampu nu remeng-remeng Terus ka kamar Ade, lowong taya sasaha. Karek inget yen si bungsu ngendong di Uwana. Jetrek, mareuman listrik. Kamar Ade meredong.

Ambu Itok bebenah. Wudhu, terus kekeprik kasur, memeh sare. Kamarna satengah poek. Kacaangan ku lampu leutik warna bungur. Gep kana HP, terus ngetik, ngirim WA ka nu jadi salaki. Abah Iding acan mulang, aya gempungan di bale desa.

*****

"Ambu! Ambu!" Jandela kamar di ketrok sababaraha kali. Abah Iding ngagero ditahan, di pipir, lebah kamar Ambu Itok.

Kakarek reup Ambu Itok teh rarasaannana. Kakarek ngalempengkeun awak malik ka kulon, nyangirah ngaler. Duka pedah tibra. Geuwat manehanana cengkat, masih keneh peureum panon Ambu Itok. Cetrek ngahurungkeun lampu, kamar mabra. Tuluy Ambu Itok kaluar kamar ngulutrak muka tulak panto tepas. Teu nungguan amprok heula jeung Abah Iding. Leos ka kamar deui, guher Ambu Itok kerek nyegrek bari nyangkere.

Abah Iding neuteup, anteb. Ti tungtung buuk nepi ka tuntung dampal suku Ambu Itok. Belengeh seuri, tuluy ngusapan tarang Ambu Itok. Katara beda jeung tibeurang. Keur ngageubra mah tenang, taya riut cape atawa luut leet kesang. Estuning leungit kacapena. Goledag Abah Iding ngagoler gigireun Ambu Itok. Teu kungsi lila kerekna ngaleuwihan pamajikanana. Duanan talibra diayun ambing impian sewang-sewangan.

*****

Ambu Itok ngarasa awakna ngalayang. Padahal manehna keur jongjon marab lauk na tambakan balong. Naha eta cai bet upalak-eplok. Lauk jaer rajleng. Gep, malah ditewak hiji, da ngajlok manco hareupeun irung. Beuki lila oyagna beuki angot. Ambu Itok rek lumpat neangan barudak. Edas, sukuna pakojot jeung areuy. Sodeplak, gubrak manehna tigujubar.

"Tulung! Tulung! Tulung!" Ambu Itok ngagorowok satakerna.
Sorana teu bisa kaluar. Kur untap-untapan, roroesan neangan pamuntangan. Gep kana dahan jambu, nu doyong antel kana cai. Edas teu katewak. Ambu Itok pasrah, sanajan balong teu lega tur deet, duka kunaon sorana teu kaluar tarik. Rek lumpat, teu bisa kebat.

"Nyai, nyai,nyai! Kunaon?" Abah Iding ngaguyahkeun Ambu Itok. Katingali masih renghap ranjug. Bari muntang tipepereket kana peupeuteuyan Abah Iding.

Bray, Ambu Itok beunta. Keukeureuceuman, serab ku lampu nu teu sempet dipareuman deui, sanggeus Abah Iding ngetrok jandela. Ret kagigir, Abah Iding mencrong. Hemeng ningali manehna tipepereket muntang.

"Nyai ngimpi Kang. Pikareuwaseun..." Can parat Ambu Itok cumarita.
Rieg bele-bale ngarieg. Kaca jandele ngageber. Kantong jeung baju nu ngait kana kapstok ting gulayun. Ambu Itok katut Abah Iding ngorejat, lumpat ka tengah imah. Piring jeung gelas paketrok. Lomari jeung parabot sejen ting arayun.

"Laillaha ilalloh, laa ilaha illalloh. Lini!" Abah Iding jeung Ambu Itok bareng tahlil.

Bus Abah Iding ka kamar Ujang. Ujang cungelik bari rek ceurik. Geuwat dipangku ku Abah Iding. Di bawa kaluar. Ambu Itok puang pieng neangan tiung. Nu katewak kur anduk. Pruk dipake niungan maneh. Bus ka kamar Ade. Regeyeng mangku ngarawu, terus kaluar. Nuturkeun Abah Iding.

Tatangga akur kalaluar, satewakna, sacekelna, samangkuna. Aya nu takbir. Aya oge nu ngagereneng istigfar. Abah Iding katut Ambu Itok terus tahlil. Rut ret ka sabudeureunana. Ambu Itok molohok. Ningali balong persis anu cikeneh dialaman na alam impian. Bedana na ngimpi mah waktuna beurang, ieu mah wanci janari leutik.
Leler tina kareuwas, ret Ambu Itok ngareret ka Ujang. Ujang olohok, muntang tipepereket ka Abah Iding. Ret ka nu dipangku. Gebeg, leuwih reuwas batan tadi.

"Abah, kamana ari si Ade? Ieu mah bet guguling anu dipangku teh?" Ambu Itok ngagorowok.

Ret sarerea ngareret kanu dipangku ku Ambu Itok. Sarerea ngehkey, saleuseurian. Ambu Itok era parada. Rek asup ka jero imah, neang Ade. Abah Iding newak pigeulangna.

"Ambu, kela bisi aya lini deui. Heg sok leuwih rongkah."
Acan ge balem Abah Iding cumarita. Rieg deui taneuh oyag. Imah-imah eundeuk. Balong caina ngareplok. Lauk rajleng. Takbir, tahlil jeung istigfar katut babacaan nu nandakeun menta pitulung ti Alloh SWT, digerenengkeun ku sakumna pangeusi lembur. Sarerea ting laliud di buruan sewang-sewangan.

"Ambu, kamana? Linina ieu leuwih rongkah batan tadi!" Abah Iding nongtak taktak Ambu Itok.

"Si Ade, abah! masih di kamar keneh." Ambu Itok rawah-riwih.

"Aeh, kapan Ade mah ngendong di uwana. Istigfar Ambu!" Abah Iding ngaharewos, nenangkeun.

Ambu Itok ngabelehem. Mun seug tarik omongan salakina. Tangtu beuki era parada. Ambu Itok asa reuwas kareureuhnakeun. Tina ngimpi, nerus nepi ka kiwari, ngaliud nungguan lini leler.

*****

"Assalamualaikum, Ambu...!" Rebun keneh Ade datang, nikreuh ngajingjing keresek. Sup ka dapur. Manehna nepungan Ambu Itok nu keur pakupis.

"Ambu, wengi aya lini nya?" Tanyana, bari nunda jingjingana.
Ambu Itok ngareret ka Ade, terus unggeuk.

"Kapendak teu endog lini na didieu?" Ade mencrong ka indungna.
Belengeh Ambu Itok imut. Lucu ku pananya si bungsu." Teu aya endogan atuh lini mah."

"Saur uwa sareng enin mah, upami aya lini enggal pilari endogna. Milarina ka kolong bumi. Da bumi uwa na gedong. Janten we milari na ka kolong ranjang atanapi kolong meja cenah, Mbu. Nyaan eta teh?" Ade mani perlente netelakeunana teh.

"Jaman Ambu sami Ade. Kitu nini Ambu nyariosna. Upami aya lini pilari endogna di kolong. Da bumina  panggung." Ambu Itok malik ka Ade. Ngecagkeun heula sagala pagawean. "Ade, matak miwarang milari endog lini ka kolong teh, eta ngameh urang kalaluar bumi. Teras milari tempat hahalang. Bisi aya nu rugrug, nya ka kolong-kolong. Tiasa kolong bangku, bumi atanapi kolong naon bae anu tohaga. Upami aya nu runtuh moal ninggang ka urang. Kahalangan ku nu luhureun urang." Ambu Itok netelakeun. Ngusapan sirah Ade.

"Oh kitu, panyateh bakal mendak endog nu buleud. Banguna teh ageung teh endogna. Da lini oyagna tarik." Tembal Ade. Terus miluan ngarewong pagawean Ambu Itok.

"Ambu, ieu pasak endog hayam, di sayur geura. " Abah Iding norojol, mawa endog hayam sapuluh.

"Har ari Abah, lebar teuing eta endog hayam? Ke si burik neneangan." Tempas ambu Itok.

"Lebar Ambu, disileungleuman oge moal megar. Kalah kacingcalang engke teh. Paling dialungkeun ka balong, da moal kapuluk. Mending ti ayeuna di pasak. Bisa ka opi ku sarerea. Moal mubadzir." Ceuk Abah Iding, bari neundeun endog kana pipiti.

"Keun tah anu kaluar ayeuna jeung saterusna, sina disileungleuman. InsyaAlloh bisa megar." Abah Iding neruskeun obrolanana.

Ambu Itok kur unggeuk. Bari acan nimu naon alesananan mun endog hayam kalinian sok kacingcalang. Jigana pedah kaoyagkeun, jadi teu jadi megar. Aya eusi endog anu robah, anu teu bisa megar jadi anak hayam. Pikiran Ambu Itok ngababade.

*Pengarang adalah Guru SMA Pesantren Cintawana Kabupaten Tasikmalaya Provinsi Jawa Barat.



Komentar

Postingan populer dari blog ini

Ayo Bernasyiah dengan Riang Gembira

Tetap Bertahan